Ning

Kumpulan sajak 1994-2004
Téddy A.N. Muhtadin
Girimukti Pasaka, Cet-1 Jan 2008, 53 halaman.


*KOTA

seuseukeut péso ngabesét waruga bapa
nurih kubur-kubur para karuhun
tapi taya tulang-tulang bapa
taya jiwa-jiwa bapa
di lulurung-lulurung nadi bapa ngawangun
gunungan runtah tanpa sajarah


**DI JALAN MERDÉKA
: nu ngalungsar teu kageteran


aya embi aya mamang ngariutkeun payung tasik
nyalingker dina sela dada-dada
laju jeruk-jeruk balon-balon burakrakan
aisan udar beungkeutan leupas tina angkeuhan

ieu jalan merdéka
jalan raja-raja




*halaman 15
**halaman 26
-------------------------
Majalengka


--Djenar Abunetti--
djenar.abunetti@gmail.com
Sent using a Sony Ericsson mobile phone